Senin, 15 Juli 2013

Dua Sajak


Jun Nizami



Lagu Janari


Hawar-hawar sora karéta.
Mawa lagu janari. Duka di mana.
Meureun di kalér, di Ciawi.
Atawa di dieu, na jero ngimpi

Ka mana? Ka mana? Terus ngawih.
Kakupingna mah kawétankeun

Ka mana? Ka mana? Milari asih.
Meureun rék nepungan anjeun

Hawar-hawar lagu janari.
Patémbalan jeung sora aki-aki.
Nu tahrim. Ti Masigit. Nu jauh

Meureun rék nepungan anjeun.
Nu jauh. Nu duh. Nu anteng,
Ucang-ucang di langit katujuh

Lamping-lamping simpé.
Aya nu kebat. Muru balébat

Beuki jauh...

Beuki jauh...

Ngadeukeutan subuh

Meureun rék nepungan anjeun.

2012



Nota Elegia



               -keur Leli Salimatul Hapsah


Cenah cinta téh haleuang déwa geuning, Hapsah
Nu jadi rukmi, na hiji-hijina dada kami
Nu teu eureun motah, na hiji-hijina ieu sirah

Jungjunan, alamat hiji-hijina duriat.

Muru anjeun kuring ngaléngkah
Tapi sapapanjang jalan, bet baloboran getih

Ieu peurih.

Cimata tuluy ngamalir, milang ringkang
Ngajirim walungan, nu teras meuntas
Ka saban-saban impian.

2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar