Kamis, 23 Februari 2012

Nota Elegia

Jun Nizami

Nota Elegia

Cenah cinta téh haleuang déwa geuning, Hapsah
Nu jadi rukmi, na hiji-hijina dada kami
Nu teu eureun motah, na hiji-hijina ieu sirah

Jungjunan, alamat hiji-hijina duriat
Muru anjeun kuring ngaléngkah
Tapi sapapanjang jalan, bet baloboran getih
Ieu peurih

Cimata tuluy ngamalir, milang ringkang
Ngajirim walungan, nu teras meuntas ka saban-saban
impian

2010